Kumpulan Peribahasa Sunda Terlengkap
Kumpulan Peribahasa Sunda Terlengkap – peribahasa sunda adalah merupakan bukti kekayaan Bahasa Sunda yang menjadikan susunan kata yang sudah merupakan satu kesatuan, dan mengandung arti.
Atah anjang = langka silih anjangan
Adigung adiguna = takabur, sombong
Ambek nyedek tanaga midek = napsu gede tapi tanaga euweuh
Anjing ngagogogan kalong = mikahayang nu lain-lain
Adat kakurung ku iga = lampah goreng hese leungitna
Alak paul = jauh pisan
Aki-aki tujuh mulud = geus kolot pisan
Ayem tengtrem = tenang taya kasieun
Asa teu beungeutan = awahing / bakat ku era
Anu borok dirorojok, nu titeuleum disimbeuhan = mupuas ka nu keur cilaka
Amis budi = hade paroman
Aya jurig tumpak kuda = aya milik nu teu disangka-sangka
Aya jalan komo meuntas = aya kahayang, tambah aya nu ngajak
Awewe dulang tinande = awewe nurutkeun kumaha salaki
Amis daging = babari katerap panyakit
Abong letah teu tulangan = sagala dicaritakeun sanajan pakinyarieun batur
Ari umur tunggang gunung, angen-angen pecah sawed = ari umur geus kolot tapi ari kahayang siga budak ngora
Agul ku payung butut = agul ku turunan
Aya pikir kadua leutik = aya kahayang
Asa ditonjok congcot = ngarasa bungah pisan
Adean ku kuda beureum = ginding ku pakean meunang nginjeum
Birit aseupan = teu daek cicing
Biwir nyiru rombengeun = resep nyaritakeun rusiah atawa kasalahan batur
Bengkung ngariung, bongkok ngaronyok = sauyunan, ngariung babarengan
Beurat birit = hese dititah
Bali geusan ngajadi = lemah cai kalahiran
Balungbang timur = nuduhkeun hate beresih
Bobo sapanon carang sapakan = aya kakurangan
Bilatung ninggang dage = bungah pisan
Batok bulu eusi madu = ninggang lain pitempateunana
Badak cihea = degig
Bonteng ngalawan kadu = nu hengker ngalawan nu bedas
Babalik pikir = insap
Balik pepeh = nu gering teu daek cicing
Balik ka temen = asal banyol jadi pasea
Buntut kasiran = medit
Bodo alewoh = bodo tapi daek tatanya
Bodo kawas kebo = bodo kacida
Beja mah beje = beja ulah waka dipercaya
Bancang pakewuh = pikasusaheun
Budak keur meujeuhna bilatung dulang = keur meujeuhna beuki dahar
Bulu kapaut = kabawa ku batur
Balabar kawat = beja nu sumebar
Beak dengkak = sagala ikhtiar geus diusahakeun tapi can aya hasil
Batan kapok kalah gawok = batan eureun kalah maceuh
Buruk-buruk papan jati = hade goreng dulur sorangan
Cueut ka hareup = tereh maot
Deukeut-deukeut anak taleus = deukeut tapi taya nu nyahoeun
Disakompet daunkeun = disamarutkeun
Dibejer beaskeun = dijentrekeun, dieceskeun
dogdog pangrewong = acara panambah
Dibabuklalaykeun = dibabuk ngenca ngatuhu
Dagang oncom rancatan emas = teu saimbang
Dihin pinasti anyar pinanggih = papasten geus ditangtukeun ku Gusti Alloh
Dug hulu pet nyawa = usaha satekah polah
Elmu ajug = bisa mapatahan batur, ari sorangan teu bisa ngamalkeun
Gantung denge = masih dedengeeun
Ginding kekempis = ginding tapi sakuna kosong
Gede gunung pananggeuhan = boga andelan pedah boga dulur
beunghar Garo mengmengan = taya kasabaran
Galegeh gado = sagala dicaritakeun
Garo singsat = pagawean awewe dina aya ka teu panuju
Gurat batu = pageuh kana janji atawa mawa karep sorangan
Goong saba karia = nonjolkeun maneh sangkan kapake ku dunungan
Goong nabeuh maneh = ngagulkeun diri sorangan
Getas harupateun = gancang napsu
Gindi pikir belang bayah = goreng hate
Hampang birit = daekan kana gawe
Hambur congcot murah bacot = goreng carek tapi berehan
Heuras genggerong = omonganana sugal Hade
gogog hade tagog = jalma sopan
Hutang salaput hulu = hutangna ka ditu ka dieu
Hurung nangtung siang leumpang = nu beunghar pangabogana dipake
Hejo tihang = sok pundah-pindah pagawean
Harigu manukeun = dadana nyohcor ka hareup
Haripeut ku teuteureuyan = gancang kapincut ku pangbibita
Harewos bojong = ngaharewos tapi kadenge ku batur
Handap lanyap = omonganna lemes tapi ngahina
Halodo sataun lantis ku hujan sapoe = kahadean mangtaun-taun leungit ku kagorengan sakali
Heureut pakeun = kurang kaboga
Hampang leungeun = gancang tunggal-teunggeul
Iwak nangtang sujen = ngadeukeutkeun pibahayaeun
Inggis batan maut hinis = paur pisan
Jalma atah warah = teu narima didikan sacukupna
Jati kasilih ku junti = pribumi kaelehkeun ku semah
Jauh-jauh panjang gagang = jauh-jauh teu beubeunangan
Kawas anjing tutung buntut = teu daek cicing Kawas anjing
kadempet lincar = gogorowokan menta tulung
Kawas bueuk meunang mabuk = ngeluk taya tangan pangawasa atawa jempe teu nyarita
Kurung batok = tara indit-inditan jauh
Kawas beusi atah beuleum = beungeutna beureum awahing ambek
Kokolot begog = budak pipilueun ngomong kana urusan kolot
Kawas nu dipupul bayu = leuleus taya tangan pangawasa
Kumaha geletuk batuna, kecebur caina = kumaha behna
Kejot borosot = gancang nyokot kaputusan teu dipikir heula
Kabawa ku sakaba-kaba = kabawa ku nu teu puguh
Kahieuman bangkong = jiga beunghar pedah katitipan barang batur
Katempuhan buntut maung = batur nu boga dosana, urang nu katempuhanna
Kawas cai dina daun taleus = taya tapakna
Kawas jogjog mondok = teu daek repeh
Kelek jalan = deukeut, tapi jalanna taya nu leumpang
Kawas jeles kasaatan = teu daek cicing
Kawas gaang katincak = jempe
Kawas hayam panyambungan = lumbang-limbung teu puguh cabak
Kawas kuda leupas ti gedogan = ngarasa bebas
Kaciwit kulit kabawa daging = anak nu boga dosana, kolot kababawa
Kandel kulit beungeut = euweuh kaera
Kujang dua pangadekna = pagawean nu maksudna dua cabak
Kokoro manggih mulud = makmak-mekmek
Kawas kedok bakal = goreng patut pisan
Kaliung kasiput = loba baraya beunghar
Kawas kapuk kaibunan = leuleus taya tangan pangawasa
Kalapa bijil ti cungap = rusiah dicaritakeun ku sorangan
Kawas kacang ninggang kajang = nyaritana capetang tur gancang
Kawas nyoso malarat rosa = sangsara pisan
Kulak canggeum = milik nu geus dtangtukeun ku Gusti Alloh