Lirik Lagu Darso Halanan Diri
Lirik Lagu Darso Halanan Diri
Na kunaon sagala rupa ngan aral gagal jeung gagal
Soal cinta jeung usaha kandas pamaksadan
Kamudahan bet ngabalieur kalapangan naronggongan
Paruntungan lumpat ngajauhan naha naha kunaon
Boa-boa halangan diri nu mangrupi dosa-dosa
Nu ngajajar mani panjang sapanjang jalan kareta
Aduh Gusti aduh Gusti kumaha ngentengkeunnana
Aduh Gusti aduh Gusti kumaha ngabebaskeunna
Panon cireumbai mapai-mapai pipi ragragan kana sajadah
Nginget-nginget laku lampah ninggang salah jeung salah
Hate anu meurih hate nu ngajerit kabeulit ku dosa-dosa
Biwir nu ngageter ngedalkeun rasa jiwa ampun ampun duh Gusti
Boa-boa halangan diri nu mangrupi dosa-dosa
Nu ngajajar mani panjang sapanjang jalan kareta
Aduh Gusti aduh Gusti kumaha ngentengkeunnana
Aduh Gusti aduh Gusti kumaha ngabebaskeunna.